NUTUPAN KANYEURI (Sunda|Explicit)-文本歌词

NUTUPAN KANYEURI (Sunda|Explicit)-文本歌词

Abiel Jatnika
发行日期:

NUTUPAN KANYEURI (Sunda|Explicit) - Abiel Jatnika

Lyrics by:Abiel Jatnika

Composed by:Abiel Jatnika

Arranged by:Rifaldy Ipey

Produced by:Abiel Jatnika

Dirasa hirup geus taya arti

Sanggeus anjeun ingkar tina jangji

Anu salila ieu anjeun lisankeun

Rek satia satuhu miasih

Gening naha kedah kieu jadina

Ku teu disangka ku teu dinyana

Ngabagi rasa ka anu lian

Nu akhirna asih peunggas ku di pungkas

Pajar akang nu tega

Nu tega megatkeun tresna

Padahal nu saenyana

Anjeun nu nyieun ieu kuciwa

Asih anu suci

Ayeuna geus taya deui alatan nyeri

Lain harti henteu surti

Dalah peurih nu katampi

Diri iklas narima peurihna ati

Seuri lain harti keur bagja diri

Tapi seuri pikeun nyimbutan ieu kanyeri

Nutupan kanyeri

Pajar akang nu tega

Nu tega megatkeun tresna

Padahal nu saenyana

Anjeun nu nyieun ieu kuciwa

Asih anu suci

Ayeuna geus taya deui alatan nyeri

Lain harti henteu surti

Dalah peurih nu katampi

Diri iklas narima peurihna ati

Seuri lain harti keur bagja diri

Tapi seuri pikeun nyimbutan ieu kanyeri

Nutupan kanyeri