Baheula keur urang masih sakola Sok ulin di susukan Cai na herang Loba laukan Mentang layangan di papeulakan Lulumpatan di patanduran Teu beurang teu peuting Urang babarengan Sabarang huma-huma Di ukur ku maraneh na Tempat ulin baheula Tinggal carita Bray .. Bray .. Bray .. Kamana keuyeup kiray Wa .. Wa .. Wa .. Kamana huma-huma Ni .. Ni .. Ni .. Hirup naha teu nyeuni Lur .. Lur .. Lur .. Lembur urang ku batur Ku batur .. Di gusur ku batur Baheula keur urang masih sakola Sok ulin di susukan Cai na herang Loba laukan Maen bola di lapangan Mancing belut di pasawahan Teu mikiran duit Hirup euweuh jeung sulit